Blogger Widgets Dhinna Liezantica: Rupa-Rupa Dongeng dalam Bahasa Sunda

Minggu, 17 November 2013

Rupa-Rupa Dongeng dalam Bahasa Sunda


a.       Dongéng sasatoan nyatéta dongéng  anu palakuna sasatoan sarta paripolahna dicaritakeun kawas jelema, upama baé bisa nyarita jeung ngagunakeun akal pikiran. Contona dongeng-dongeng sakadang Kuya jeung sakadang         Monyet atawa dongeng-dongeng sakadang Peucang.
b.      Dongeng sasakala (legénda) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun asal muasalna kajadian hiji tempat, barang, sasatoan, atawa tutuwuhan. Contona dongéng “Sasakala Situ Bagendit” jeung “Sasakala Talagawarna”.
c.       Dongeng Babad (sagé) nyaéta dongeng anu eusina nyaritakeun kajadian atawa jelema anu ngandung unsur sajarah. Upamana baé “Dongéng Kian Santang” jeung “Dongéng Prabu Siliwangi”.
d.      Dongeng Kahirupan Jalma Biasa (Parabel) nyaéta dongéng anu eusina nyaritakeun jalama biasa. Contona dongéng Si Kabayan.
e.       Carita Para Nabi/ Wali nyaéta carita anu eusina patali jeung kapercayaan  masarakat kana bangsa lelembutan atawa hal-hal  anu gaib. Yén carita para nabi wali ngan saukur dongéng anu mangrupa carita rekaan. Upamana baé ngenaan Kasaktén jeung wewesén parawali.
f.       Dongéng Pieunteungeun nyaéta dongéng anu eusina mangrupa  tuladan pikeun manusa. Bisa dongéng  sasatoan, dongéng jalma biasa, jeung sajabana.
g.      Dongéng Pamuk téh nyaéta dongéng anu nyaritakeun kagagahan atawa kasaktén hiji jalma, tur biasana aya patalina jeung tokoh atawa kajadian sajarah.


            Eusi dongéng téh umumna ngandung atikan moral. Upamana baé, jalma bener tangtu meunang pahala, jalma salah tangtu bakal meunang siksaan atawa cilaka. Sangkan éta jlma tinekanan tangtu kudu ngagunakeun akal.

7 komentar: