Blogger Widgets Dhinna Liezantica: Ngaregepkeun Siaran Radio/ TV

Minggu, 17 November 2013

Ngaregepkeun Siaran Radio/ TV


            Kagiatan ngaregepkeun meh sarua jeung kagiatan maca nyaéta narima beja atawa wawaran/ informasi. Bedana teh ari ngaregepkeun mah make basa lisan sedengkeun ari maca mah make basa tulis.
            Kagiatan ngaregepkeun mah mibutuh kadariaan ti diri paregepna. Sabab informasi nu ditepikeun ku panyatur moal bisa kacatet kabehanana ku paregep. Sangkan urang maher ngaregepkeun, urang kudu museurkeun pangrungu jeung paniten (perhatian). Urang kudu daria, ulah malaweung mikiran nu sejen-sejen.
            Ngaregepkeun lain ngan ukur ngadéngékeun tapi merhatikeun saukur nu di omongkeunana nepi ka maksudna enya-enya kaharti. Alus pisan upama saméméhna nyiapkeun heula buku jeung pulpén.
            Hal-hal anu penting dicatet saperti ngaran acarana, media, mejer, jeung ringkesan materi. Sabada nyaho atawa paham kana eusi siaran radio/ televisi, pék ku hidep teuleuman sarta catetkeun kekecapan atawa basa Sunda anu digunakeun ku penyiarna. Tangtukeun waé nu diteuleuman téh basa anu kurang merenah upamana ngeunaan ragam basa. Ragam basa téh rupana aya sabarah hiji, nyaéta basa kasar (basa loma), basa sedeng, basa lemes, basa kasar pisan.
            Basa kasar (basa loma) digunakeun ka sasama atawa ka babaturan anu geus loma. Basa sedeng disebut oge basa lemes keur ka sorangan, dilarapkeun keur ka diri sorangan lamun nyarita maké basa lemes atawa lamun nyaritakeun sasama ka saluhureun boh pangkatna, boh umurna, jeung biasana ogé sok dipake pikeun nu diajak nyaritana kasaluhureun boh pangkatna, boh umurna, boh kalungguhanana. Basa kasar pisan (basa cohag) biasana sok dipaké keur nu ngambek atawa nu keur paséa, pikeun maksud ngahina atawa ngece, tapi umumna mah basa kasar pisan sok dilarapkeun ka sato. Dihandap ieu aya conto kalimahna:
- Basa Kasar (basa loma)    : “Mun maranéh dék balik ayeuna, bareng wé, da kuring                                                                      rék balik ayeuna”, ceuk Dudi ka babaturanana.
- Basa sedeng                     : “Abdi mah badé ayeuna wangsul sanggeumna mah Rini ogé badé wangsul                                            ayeuna”, ceuk Fika ka Bu Euis.
- Basa lemes                        : “Mulih timana, ibu?”, Pa Asep nanya ka Bu Tati.

- Basa kasar pisan             : “Lain geura mantog sakieu geus burit, geura ngaji kadituh!”, Dadan ngambek ka adina nu keur ngadu langlayangan.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar