Blogger Widgets Dhinna Liezantica: Pengertian Sawala dan Paguneman dalam Bahasa Sunda

Minggu, 17 November 2013

Pengertian Sawala dan Paguneman dalam Bahasa Sunda

SAWALA

            Sawala atawa diskusi mangrupa kagiatan tukeur pikiran pikeun mahamkeun hiji pasualan, sarta neangan jalan pikeun ngarengsekeunana. Jalma anu mingpin sawala disebut  panumpu catur atawa moderator. Pamingpin sawala ngabogaan kawajiban pikeun ngarumuskeun masalah kalawan merenah. Tapi masalah anu dirumuskeunana teu ngan saukur mangrupa jawaban anu dirumuskeunana, teu ngan saukur mangrupa jawaban bener atawa salah. Pamingpin sawala anu hadé kudu:
1.      Apal aturan perkara sawala.
2.      Sabar.
3.      Ngahargaan unggal padamegan nu di asongkeun ku panyatur atawa pamilon.
4.      Jujur, someh, teu nogencang (beurat sabeulah).
            Sedengkeun jalma anu pancénna nuliskeun hasil swala disebut girang serat. Anu ilubiung dina lumangsungna kagiatan  sawala di sebut pamilon.
            Saacan diskusi dimimitian, urang kudu nangtukeun heula:
1.      Jejer/ topik diskusi
2.      Panumbu catur
3.      Pupuhu
4.      Juru catur/ pangjejer
5.      Kudu bisa nepikeun kasaluyuan atawa nolak kana pamadegan batur diskusi.
6.      Kudu bisa ngasongkeun (mengemukakan) sawangan anu ngadeudeul (nyatujuan) atawa ngabantah pamadegan batur.


PAGUNEMAN
           

            Paguneman sarua jeung ngawangkon atawa ngobrol. Nu diwangkonkeunnana biasana kajadian sapopoé, aya ngawangkong, aya sawala. Bedana kaayaannana hénteu resmi sarta eweuh nu gatur dina ngawangkong mah. Saha waé meunang  nyarita jeung motong caritaan batur. Tempatna bebas, nyakitu deui topikna henteu itangtukeun heula samemehna.

14 komentar: