Blogger Widgets Dhinna Liezantica: CARITA BABAD

Minggu, 17 November 2013

CARITA BABAD


            Carita Babad/ sajarah nyaéta carita anu dumasar kana kajadian sajarah. Dongéng Babad/ sajarah nyaéta nyaritakeun kajadian atawa jelema nu ngandung unsur sajarah. Dongéng babad/ sajarah, unsu-unsur kasajarahanana téh henteu jelas jeung teu bisa dicekel faktana, sabab ngandung unsur pamolahan téa.
1.      Pancakaki
-          Anak, turunan kahiji
-          Incu, turunan kadua
-          Buyut, anakna incu
-          Bao, anakna buyut
-          Udeg-udeg, anakna janggawareng, incuna bao
-          Janggawareng/ canggahwareng , anakna bao
-          Kait siwur/ gantung-siwur, anakna udeg-udeg
-          Bau sinduk, anakna gantung-siwur
2.      Istilah séjénna dina pancakaki
-          Bapa, lalaki nu boga anak, salaki indung
-          Indung, awéwé anu boga anak, pamajikan bapa
-          Aki, bapana indung atawa bapa
-          Nini, indungna bapa atawa indung
-          Adi, dulur sahandapeun
-          Lanceuk, dulur saluhureun
-          Emang/ Amang/ Paman, adina bapa/ indung (lalaki)
-          Bibi, adina bapa atawa/ indung (awéwé)
-          Ua, lanceukna bapa/ indung
-          Alo, anak lanceuk
-          Suan, anak adi
-          Kapiadi, snskns emang/ bibi
-          Kapilanceuk, anakna ua
-          Adi beteung, adina pamajikan/ salaki
-          Dulur teges, dulur enya saindung sabapa
-          Indung téré, pamajikan bapa tapi lain nu ngalahirkeun urang
-          Bapa téré, salaki indung tapi lain nu ngalantarankeun urang lahir.
-          Anak téré, anak sampakan ti salaki/ pamajikan
-          Dulur patétéréan, anak indung téré/ bapa téré
-          Cikal, anak panggedéna
-          Pangais bungsu, anak pang leutikna.
-          Baraya, sakur anu aya pakuat-pakaitna pancakaki
-          Karuhun, luluhur, jalma-jalma nu kungsi aya urang, nu ngarundaykeun urang.

-          Dahuan, lanceuk salaki/ lanceuk pamajikan

Tidak ada komentar:

Posting Komentar