Blogger Widgets Dhinna Liezantica: Pengertian Sajak dalam Bahasa Suda

Minggu, 17 November 2013

Pengertian Sajak dalam Bahasa Suda



1.    Wangenan Sajak
-          Sajak nyaéta salah sahiji karya sastra nu mangrupa ébréhan tina sikap, jiwa jeung ékspresi pangarang. Wangun sajak kaasup kana wangun ugeran, tapi disusun sakarep pengarang.
-          Sajak mangrupa ébréhan pikiran jeung rarasaan tina hasil ngimpleng (répleksi) pangarang anu ngagunakeun basa anu munel tur pepel.
-          Sajak salah sahiji wanda puisi atawa wangun ugeran anu teu pasti kauger ku patokan wangunna. Kulantaran kitu, dina mangsa gelarna sok disebut sajak bébas.
-          Gelarna sajak mimiti awal 50-an.

2.      Dumasar kama eusi sajak, dibagi jadi dua:
-            Sajak épik      : Sajak anu ngeusina ngadadarkeun atawa ngalalakonkeun.
Conto             : Janté Arkidam kénging Ajip Rodisi.
-            Sajak lirik       : Sajak anu eusina ngébréhkeun rasa panyajakna.
Conto             : Lalaki ditegal pati kénging Sayudi.

3.      Unsur-unsur jero sajak
-            Téma             : Pikiran poko pangarang dina éta sajak.
-            Nada             : Sikep pangarang kana éta karyana.
-            Rasa              : Sikep urang nu maca karya.
-            Amanat          : maksud anu rék ditepikeun ku pangarang
-            Makna konotasi jeung dénotasi, harti sebenarna jeung teu sabenerna.

4.      Hal anu kudu diperhatikeun dina maca sajak.
-            Lenyepan                  : Sacan maca sajak teuleuman heula eusi sajak, nadan, rasa, jeung sajabana.
-            Wirahma                    : Anca-gancangna dina maca sajak.
-            Vocal :                       : Patalina jeung sora, lafal, béntés henteuna dina ngucapkeun kecap.
-            Nada jeung rasa        : Patalina jeung sikep urang kana karyana dina maca sajak.


5.      Parafrase nyaéta ngarobah wangun ugeran (sajak) kana wangun lancaran (prosa).

4 komentar: