Blogger Widgets Dhinna Liezantica: BIANTARA

Minggu, 17 November 2013

BIANTARA

            Biantara sok disebut ogé pidato nyaéta nyarita kahereupeun jalma réa. Tempatna bisa disakola, dikelas, masigit, kantor RW, kalurahan, jeung sajabana. Maksud jeung tujuan biantara lain ngan saukur jadi lalajoan tapi miboga tujuan pikeun nepikeun gagasan atawa eusi pikiran anu kudu kaharti. Tah dihandap ieu aya conto biantara pikeun Ngamumule Budaya Sunda.

“NGAMUMULE BUDAYA SUNDA”

            Bismillahirrahmanirrahim
            Assalamu’alaikum Wr. Wb.
            Alhamdulillahirrabil’alamin, wabihinasta’inu ala umuridunya, waddin wasatu, wassalamu a’la asrofil anbia, iwal mursalin, wa a’la a’lihi, wasohbihi a’jmain a’ma ba’du.
            Puji sareng syukur mangga urang sami-sami panjatkeun ka hadirat Allah SWT, anu mana urang sadaya dina danget ieu masih ditangtayunan ku Allah SWT. Solawat sareng salam mugi dilimpahkeunb ka panutan agung kanjeng Nabi Muhammad SAW. Ka kulawargina, ka para sahabatna, ogé ta’at tur satuhu ka mantenna dugi ka yaumil ahir kalebat urang sadayana.
            Para wargi sadayana, sim kuring ngadeg di payuneun para wargi sadaya, teu aya sanes sim kuring bade nembongkeun kabodoan sim kuring dina ieu biantara nganggo Basa Sunda.
            Namung sakedik demi sakedik sim kuring hoyong ngamumule Basa Sunda anu kalebet kana Budaya Sunda. Margi sim kuring lahir di tatar pasundan. Ulah dugikeun ka urang sunda nganggo basa sunda anu hénteu pantes diucapkeunnana. Sapertos kieu pibasaeunana, upamina sim kuring tepang dijalan sareng Ibu atanapi Bapa guru. Ku sim kuring ditaros, “Bu, wangsul timana?”, tah éta pikecapeun téh estuning lepat pisan. Papalingpang sareng basa sunda. Anu leres pibasaeunnana téh kedah kieu, “Ibu, mulih timana?”, tah éta téh loyog sareng aturan-aturan basa sunda.
            Kade ulah basa keur sorangan dipake kabatur, ari basa keur ka batur dipake ku sorangan. Sabab dina basa Sunda téh aya aturan-aturanna. Jeung ayeuna mah basa Sunda téh tos pacampur sareng basa déngeun. Kade tah ulah dugi ka kitu. Urang téh kedah tiasa ngajaga, ngamumule budaya Sunda anu masih aya di wewengkon urang.
            Mung sakitu biantara anu tiasa dipihaturkeun ku sim kuring. Hapunten anu kasuhun, boh bilih dina cariosan sim kuring seer lepatna tibatan leresna. Margi sim kuring sanes hénteu hoyong sampura nganggo basa Sunda sapertos jalmi-jalmi anu palinter sareng ngartos kana Basa Sunda.

            Billahitaufik walhidayah

            Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

2 komentar: